Senin

Sajarah Desa Dadiharja

Sateuacan ngadeg Desa Dadiharja diman diwangun ku opat desa

Desa Cigintung kawilang desa anu pang kahotna, dina harti pangheulana ngadeg di wewengkon Dadiharja kiwari. Numutkeun pitutur sepuh anu kapungur, saméméh islam asup ka Indonesiam di wewengkon Cigintung geus ngawujud masyarakat.
Runtuyan kuwu anu kungsi mingpin di ieu desa :
Ki Sudi
Ki Tjandrayuda
Ki Saita
Ki Edo
Ki Patjar
Ki Masnap
Ki Murkawa
Ki Arsayuda
Ki Tjandrayuda


Asal muasal désa Janglapa, pindah ti Desa Cigintung anu lobana 17 tugu kalay, diluluguan ku Ki Salaji dina waktu harita teu sadia diangkat jadi kuwu, kapaksa anu jadi kuwu téh Ki Benteng, mandor turum ti Bantardéngdéng.
Runtuyan kuwu anu kungsi mingpin di ieu désa :
Ki Benteng
Ki Marja
Ki Wiramanggala

Désa curug ngadeg dina jaman cultur stelsel. Asalmuasalna mah pindah ti Desa Sindang, diwangun ku 18 tugu, anu ngaluluguan nya éta Ki Masdia.
Runtuyan kuwu anu kungsi anu mingpin di ieu désa :
Ki Masdia
Ki Barid
Ki tjandrayuda
Ki Suramanggala
Ki Newi
Ki madkasan

Desa bantaradengdeng ngadegna diawal jaman culture stelsel pindahan ti Desa Kawunglarang, anu ngaluluguan nya éta Ki Arinta.
Runtuyan anu kungsi mingpin ieu désa :
Ki Arinta
Ki Alih
Ki Kertayuda
Ki Nala
Ki Tjandrajuda
Ki Arsamanggala
Dina waktu keur dipingpin ku Ki Alih Desa Bantardengdeng ngalaman pindah ka Bulak Lega, kurangleuwih opat tugu anu ahirna ngawangun Cimuncang diluluguan ku Ki Kasjan.
Dina jaman Kuwu Ki Kertayuda anu ti Bubulak Lega pindah deui ka asal (Bantardengdeng) kiwari Digabungkeun tilu désa jadi hiji (Desa Dadiharja, Desa Janglapa, Desa Curug) dina tanggal 1 juli 1909 kalayan surat ti kaputusan residen priangan kalayan dibéré ngaran Cigintung. Ari Desa Bantardengdeng mah dina waktu harita masih mandiri.

Réng-réngan pangurus Desa Cigintung
Pradjawidjaja - Kepala Desa
Argasasmita - Juru Tulis
Atnedja - Juru Tulis
Riksang Iprana - Juru Tulis
Wiradinata - Ngabihi
Satjaprana - Ngabihi
Atmasantana - Ngabihi
Sarapradja - Lurah
Satjaadiraksa - Lurah
Satjaadiraksa - Lurah
Satjaperwata - Polisi
Kartangayuda - Polisi
Mertalaksana - Polisi
Arsamanggala - Polisi
Raksaperwasa - Polisi
Ardangi - Amil
Muhasan - Amil
Alimukasan - Amil

Ngadegna Desa Dadiharja dina tanggal, 9 Maret 1923. Kalayan surat Kaputusan Residen Priangan, Desa Cigintung jeung Desa Bantardengdeng digabungkeun jadi hiji,  kalayan dibéré ngaran “DESA DADIHARJA”.

Runtayan kuwa anu mingpin Desa Dadiharja:
1. Arsadiredja, nyepeng kalungguhan salami 40 taun.
2. G. Atmasasmita, nyepeng kalungguhan salami 5 taun (1944 – 1949).
3. Achmad Hamim Hadiwijaya, ngawitan nyepeng kalungguhan ti taun 1949.

Ieu ringkesan sajarah téh kénging nyutat tina buku anu disusun ku : 
Alm. Bapak  Achmad Hamim Hadiwijaya

Mangga usulan sareung komentarna..