Senin

Nyawer Panganten ku basa

Amit widi neda asih haksami
Jisim kuring neda pangaksama
Bade nyelang heula nyawer
Tumut galur karuhun
Titis waris ti nini aki
Karya bujangga baheula
Pun sampun paralun
Sanes pinton katiasa
Mung sakadar hariring tambi pamali
Keur tawis pakaulan
Ngaraoskeun bingah tanpa tanding
Reh pun anak hasil nu dimaksad
Anjog waktosna ngajodo
Kersaning Maha Agung
Dugi wanci nu mustari
Karujuk ibu rama
Muga panjang punjung
Dirahmat nikmat pangeran
Kabagjaan, kamulyaan lahir bathin
Tengtrem rumah tanggana
Pencipta: Amir BA Lagam: Degung Laras: Pelog Bapak Sobirin, Bandung
'

1 komentar:

  1. Hatur nuhun ka salira anu parantos ngiring andil ngamumule budaya urang sunda, mangga di antos karya-karya anu sanesna

    BalasHapus

Mangga usulan sareung komentarna..

1 komentar:

Hatur nuhun ka salira anu parantos ngiring andil ngamumule budaya urang sunda, mangga di antos karya-karya anu sanesna

Mangga usulan sareung komentarna..