Senin

Arti Lambang Propinsi Jawa Barat


Sacara kaseluruhan lambang Pemerintah Propinsi Jawa Barat dina bentukna buleud endog anu nganggo hiasanpita di handapna anu isina hiji  motto Jawa Barat. 

Makna tina bentuk jeung lambang :

1. Bentuk Buled Endog dina lambang Jawa Barat asalna tina bentuk perisai anu loba  dipake ku para laskar kerajaan zaman baheula, makna perisai anu hartina pikeun penjagaan diri.
2. Kujang anu aya di tengah-tengah nyaeta sanjata pusaka anu sekeut serba guna kanggo  masyarakat Sunda dijaman baheula. Lima liang dina kujang ngalambangkeun dasar nagara, Pancasila.
3. Satangkai pare anu aya di sisi sabelah kenca ngalambangkeun pahan kadaharan pokok masyarakat Jawa Barat sakaligus ngalambangkeun kasuburan pangan, jeung jumlah pare 17 ngagambarkeun tanggal Proklamasi Republik Indonesia. 

4. Kapas anu aya di belah katuhu ngalambangkeun kasuburan sandang, jeung 8 kuntum kembang ngagambarkeun bulan proklamasi Republik Indonesia.
5. Gunung anu aya di handapeun pare jeung kapas ngalambangkeun yen daerah Jawa Barat kadudukanna aya dina lingkungan gunung-gunung.
6. Sunge jeung terusan anu aya di handapeun gunung sabeulah kenca ngalambangkeun di Jawa Barat loba ngalir sunge jeung saluran cai anu loba manfaatna pikeun patanian.

7. Petak-petak anu di handapeun gunung belah katuhu ngalambangkeun loba paesawahan jeung pakebonan. Masyarakat Jawa Barat umumna hirup ngandeulkeun kasuburan tanahna jeung diolah jadi lahan partanian
.
8. Dam/bendungan anu aya di tengah-tengah paleubah handap antara gambar sunge jeung petak, ngalambangkeun kagiatan di widang irigasi anu mangrupakeun salah sahiji perhatian pokok ngingeutkeun Jawa Barat kaleubeut daerah agraris.

MAKNANA WARNA
Warna anu ngadominasi kana lambang Jawa Barat nya eta hejo, makna warna-warna anu digunakeun kana warna-warni motif lambang nyaeta :
1. Hejo ngandung makna kasuburan jeung kamakmuran tanah Jawa Barat.
2. Koneng ngangung harti kaagungan, kamulyaan jeung kakayaan.
3. Hideung ngandung harti kateguhan jeung kaabadian.
4. Biru ngandung harti  katentraman atawa kadamaian
5. Bereum ngandung harti kaberanian.
6. Bodas ngandung harti kamurnian /kasucian atawa kajujuran.

MOTTO DAERAH
Motto daerah Jawa Barat nyaeta “Gemah Ripah Repeh Rapih”, kalimat gemah-ripah jeung repeh-rapih ngarupakeun kata majemuk anu ngandung arti  :
Gemah-ripah : subur makmur, cukup sandang jeung pangan.
Repeh-rapih : rukun jeung damai atawa aman sentosa. 
Arti tina motto daerah Jawa Barat sacara kasaluruhan nyaeta anu nyatakeun yen Jawa Barat kaleubeut daerah anu kaya raya/ subur makmur dicicingan ku loba penduduk anu hirup rukun jeung damai.

Mangga usulan sareung komentarna..