Pun sapun amit paralun
ka batara ka batari
nu di luhur nu dihandap
nu ngageugeuh bumi langit
di buana panca tengah
nu ngajaring beurang peuting
ka batara ka batari
nu di luhur nu dihandap
nu ngageugeuh bumi langit
di buana panca tengah
nu ngajaring beurang peuting
kula amit paralun
nitiskeun kandungan ati
medarkeun kandungan rasa
marepehan hirup hurip
papaes pamageuh rasa
panungkus aci birahi
nitiskeun kandungan ati
medarkeun kandungan rasa
marepehan hirup hurip
papaes pamageuh rasa
panungkus aci birahi
neda angung nya tawakup
hampura nu caralik
darana dagoan heula
mokaha kesel saeutik
regepkeun ku sadayana
sepuh anom menak kuring
hampura nu caralik
darana dagoan heula
mokaha kesel saeutik
regepkeun ku sadayana
sepuh anom menak kuring
seja nuturkeun piwuruk
kawitan ku pribumi
ngagenten ibu ramana
heulakeun panganten istri
nyai geulis kembang soca
takanan beurang jeung peuting
kawitan ku pribumi
ngagenten ibu ramana
heulakeun panganten istri
nyai geulis kembang soca
takanan beurang jeung peuting
kacaroge masing tuhu
mipageran lahir batin
turut sugri parentahna
singkiran sugan sungki
peupeujeuh rek ngabatuah
bisi kasibat kabadi
mipageran lahir batin
turut sugri parentahna
singkiran sugan sungki
peupeujeuh rek ngabatuah
bisi kasibat kabadi
sing jauh tina saligkuh
malah jadi repeh rapih
ka sanak kadang sing jembar
miasih ka kulawargi
bakti hormat jeung tilawat
ulah kendat masing meujit
malah jadi repeh rapih
ka sanak kadang sing jembar
miasih ka kulawargi
bakti hormat jeung tilawat
ulah kendat masing meujit
runtut jeung batur salembur
rapih jeung saeusi bumi
welas manah ka sasama
papagon dawuhan nabi
malar natrat nugrahana
karamat agama suci
rapih jeung saeusi bumi
welas manah ka sasama
papagon dawuhan nabi
malar natrat nugrahana
karamat agama suci
papayungna jembar rahayu
pipilis pamager sari
peguh galih katajian
taji awit laki rabi;
hiap kari pamgetna
agus pepeling ati
pipilis pamager sari
peguh galih katajian
taji awit laki rabi;
hiap kari pamgetna
agus pepeling ati
datang uga cunduk waktu
katitih katarik tulis
ujang dikawasa murba
nangtayungan beurang peuting
wajib mangku ngasuh garwa
mikadeudeuh ngaping-ngaping
katitih katarik tulis
ujang dikawasa murba
nangtayungan beurang peuting
wajib mangku ngasuh garwa
mikadeudeuh ngaping-ngaping
ka gawa sing asak malum
pangger mageuhan kadali
lamun garwa pareng salah
wurukan ku budi manis
pangger mageuhan kadali
lamun garwa pareng salah
wurukan ku budi manis
ulah dihoak disentak
bisi mangpaung muringis
pameget sing kukuh pengkuh
ulah lamo ngumbar biwir
sakedik-sakedik talak,
bisi kaduhung di ahir
harempoj ngurumanggassay
lumpuh dipeureuh kapeurih
bisi mangpaung muringis
pameget sing kukuh pengkuh
ulah lamo ngumbar biwir
sakedik-sakedik talak,
bisi kaduhung di ahir
harempoj ngurumanggassay
lumpuh dipeureuh kapeurih
kudu emut ka pitutur
titisan pancuran awit
urang tedak Pajajaran
jajar bojo jeung salaki
dayeuhna Galih Pakuan
paku pageuh galih asih
titisan pancuran awit
urang tedak Pajajaran
jajar bojo jeung salaki
dayeuhna Galih Pakuan
paku pageuh galih asih
mapan ratuna kaceluk
kawentar Sang Siliwangi
silih asih samistina
calik jajar paku aji
jejer jajar teka reuay
titisan jatining asih
kawentar Sang Siliwangi
silih asih samistina
calik jajar paku aji
jejer jajar teka reuay
titisan jatining asih
nuwun mundur ti cumatur
panjang mun tetek diwinjik
sauetik tiba patrina
jadi tumbaling paripih
bisi kesel nu ngantosan
sumangga geura linggih
panjang mun tetek diwinjik
sauetik tiba patrina
jadi tumbaling paripih
bisi kesel nu ngantosan
sumangga geura linggih
(sumber pusaka sunda 1925-09-3(15))
Mangga usulan sareung komentarna..