Rabu

12 Tips Mudik


Pikeun baraya anu rek marudik make motor, 12 hal dihandap ieu kudu pisan diestukeun:

Kudu boga motor sorangan, sabab pan tukang ojeg oge marudik lebaran \=D/ 

Pariksa rem dina kondisi hade. Ulah nepika di jalan ngerem make sapatu.

Lampu oge kudu harurung, sangkan engke teu kudu nyaangan jalan make hape.

Rante oge omat kudu dipariksa, bisi aya nu maling dipake tawuran ku barudak. Ma’lum kiwari teh keur musim tawuran

Spion tah kade… Lumayan keur ngeunteung di jalan sangkan tetep PD

SIM Kudu boga. Apal SIM? Surat Ijin Mengemudi. Kamari mah kajadian si Aling dipegat pulisi, ditanya SIM. Ujug- ujug ngabongkar Hape bari nyarita “Bade SIM1 atanapi SIM2 Pak? Hape Abdi mah Dual SIM”

Surat- surat motor kudu dibawa. Ulah sok pinter ngarayu “Pak Surat motor teu kacandak, kumaha upami urang ngadamel surat nikah?”

Kudu make Helm SNI. Najan gawe diproyek, helm nu karoneng mah tong dipake ari di jalan mah

Barang- barang nu simpel nu dibawa. Sabangsaning meja, kasur, asbak, lomari, raket reungit mah teu kudu…..

Tong gancang teuing. 40-60km/jam cukup. Ulah kekebutan nepika 160km/jam, bisi nepi ka imah gancang teuing…. Coba mun nepi 3 poe memeh lebaran, pasti bakal dititah mantuan nyieun kueh tah

Tapi tong santai teuing, 10km/jam…. Bisa lebaran haji kakara nepi atuh

Salila di jalan tong lebay, biasa w. Tong make lepas tangan sagala. Komo jeung ngangkat- ngangkat ban hareup mah, atawa nangtung dina jok motor bari puputeran jiga Satria Baja Hitam

Mugi salamet di perjalanan. Salam Baktos ka Kulawargi
Wilujeng Boboran Syiam 1436 Hijriah.....
Tong hilap oleh2na.....
 # minal aidzin wal faidzin #
:)
:(
=(
^_^
:D
=D
|o|
@@,
;)
:-bd
:-d
:p

Mangga usulan sareung komentarna..