Senin

Sawer Panganten



Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Eulis- Asép nu réndéngan
Mugia kasalametan

Salamet nu panganténan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan

Sing senang laki rabina
Nu diwuruk pangpayunna
Nyaéta badé istrina
Masing dugi ka hartina

Hartikeun eulis ayeuna
Lebetkeun kana manahna
Manawi aya gunana
Nu dipamrih mangpaatna

Mangpaatna lahir batin
Eulis téh masing prihatin
Ayeuna aya nu mingpin
Ka carogé masing tigin

Tigin eulis kumawula
Ka raka ulah bahula
Bisi raka meunang bahla
Kudu bisa silih béla

Silih béla jeung carogé
Ulah ngan pelesir baé
Mending ogé boga gawé
Ngarah rapih unggal poé

Répéh rapih nu saimah
Rumah tangga tumaninah
Tapi lamun loba salah
Laki rabi moal genah

Bisi teu genah ku raka
Prak baé wakca balaka
Lamun raka goréng sangka
Buru bawa suka-suka

Suka-suka ti ayeuna
Da eulis atos laksana
Ngajodo anu sampurna
Ngahiji salalamina

Salamina saréng dulur
Eulis kudu bisa akur
Akuran ka unggal lembur
Sangkan jadi buah catur

Mun catur sing seueur bukur
Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur
Hirup resep loba batur

Sareng batur kudu jujur
Layeut reujeung nu sakasur
Runtut raut salelembur
Nagara gé subur ma’mur

Subur ma’mur sauyunan
Mun aya tamu payunan
Tapi ulah timburuan
Boh bilih silih benduan

Ngabenduan ka carogé
Ngan ulah paséa baé
Énggal atuh geura hadé
Ambéh geugeut saban poé

Saban poé ulah lali
Titik rintih suci ati
Témbongkeun sing béar budi
Ciri nyaah ka salaki

Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung
Komo lamun bari bingung
Keun antep sina ngaberung

Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan
Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan

Senangkeun eulis pikiran
Pikiran didadasaran
Tukuh muntang ka Pangéran
Supaya meunang ganjaran

Ganjaran ti Maha Suci
Énggal atuh geura tampi
Ayeuna eulis ngahiji
Sakapeurih sakanyeri

Sakanyeri jeung salaki
Mun eulis seueur rejeki
Poma ulah sok kumaki
Masing tumut ka salaki

Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana
Laksana datang jodona
Haté bangblas lalugina

Lugina dunya ahérat
Gusti maparinan rahmat
Kana waktu ulah telat
Disarengan silih hormat

Silih hormat ka sasama
Sing nyaah ka ibu rama
Lakonan paréntah agama
Tangtuna hirup sugema

Sugema hirup di dunya
Nyaéta kudu tatanya
Rék nanya pék kanu enya
Badanna buru ditanya

Tanya baé ku haténa
Tah éta pikeun saksina
Saksi diri pribadina
Nu tara jalir jangjina

Mun jangji nu ngajadi
Éta jangji anu pasti
Pasti jodo ti ajali
Pikiran céngéng ka Gusti

Gusti mah teu weleh nyaksi
Nyaksi gerentesna ati
Ucap lampahna kasaksi
Satincak-tincakna ngarti

Hartikeun masing karaos
Ulah luas-luis léos
Sumawonna poporongos
Pilari jalan nu raos

Raoskeun jaga ku eulis
Eulis ulah sok gumeulis
Najan geulis baris ledis
Ninggang mangsa titis tulis

Titis tulis bagja diri
Patokan nu ti ajali
Kajeun siga widadari
Da moal beunang dibeuli

Dibeuli ku harta banda
Da moal bisa kajaga
Nu tangtu bakal ngaduda
Nyicingan di alam baka

Alam baka kalanggengan
Langgeng rasa ka Pangéran
Supaya ulah rayungan
Ngabogaan papacangan

Boga rasa kudu ngarti
Tata titi surti arti
Kudu silih beuli ati
Pikiran dadamelan Gusti

Gusti Allah nu kawasa
Ngayakeun dunya tiasa
Pepek eusi dunya rosa
Sayagi pikeun manusa

Manusia mahluk punjulna
Palinter pangabisana
Ngakalan eusi dunyana
Nu kantun tumarimana

Tumarima ka Pangéran
Tumutkeun kana dawuhan
Qur’an hadis tuduh jalan
Ti para Nabi panutan

Panutan urang sadaya
Poma ulah rék cangcaya
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya

Mulyana nu Maha Agung
Sing saha baé ditulung
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung

Nyaah baé nu Kawasa
Ka masing-masing manusa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa

Dosa mah ti pada jalmi
Welas asih ka sasami
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi2. Sing layeut laki rabina

Ulah aya kuciwana
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna

Mun akur ka sadayana
Témbongkeun budi basana
Nu bener tingkah polahna
Supaya hirup sampurna

Sampurna euis ayeuna
Yap ka dieu pamegetna
Bapa badé ngawurukna
Diregepkeun ku asépna

Regepkeun téh ku haténa
Bapa mépélinganana
Tadina asép ngaduda
Ayeuna mah gaduh garwa

Sareng garwa kedah layeut
Sing rapet sacara leugeut
Poma ulah pikir heureut
Sangkan silih pikameumeut

Mikameumeut sareng bojo
Laksana asép ngajodo
Tapi lamun ngabobodo
Bojo moal mikasono

Mun sono asép ka istri
Sing pageuh saperti patri
Campur gaul sareng santri
Kalayan ati nu suci

Nu suci pasti beresih
Tara aya nu dipamrih
Ka bojo teu weléh asih
Sagala sareng pamilih

Pilih ku asép ayeuna
Nya pék tanya ku haténa
Nu goréng jeung nu hadéna
Sing karasa ku dirina

Diri pangasih Gustina
Gusti mah moal nyiksana
Moal badé ngaganjarna
Kumaha waé amalna

Amal hadé tangtu genah
Laki rabi tumaninah
Lamun amal anu salah
Jaga baris nyorang susah

Susah lamun teu ngarobah
Nu ngajak ngarah ngarinah
Napsu nu mawa sarakah
Pék atuh paké ibadah

Mun ibadah anu tangtu
Bagikeun kanu pihatu
Mikeuna tong ragu ragu
Bilih istri janten bendu

Bendu istri asép bingung
Ulah waka sok ditundung
Lamun istri terus pundung
Pangmésérkeun geulang kalung

Geulang kalung serba saé
Énggal atuh geura anggé
Dianggéna saban poé
Nu kantun pelesir baé

Pelesir eulis ka kota
Tah bawa duit sajuta
Mun aya kahayang ménta
Tatapi ulah lahuta

Lahuta aya kahayang
Nyariosna ngagorolang
Nu bakal moal kasorang
Pikir anu mawa Bingbang

Bingbang bongan sok sulaya
Mikahayang anu teu aya
Ahirna pakia-kia
Ngajauhan ka baraya

Baraya lamun ngahiji
Éta nu langkung utami
Hubungan anu sajati
Ngariung sapara wargi

Wargi asép sadayana
Sakitu mikadeudeuhna
Barungah dina manahna
Nu janten ibu ramana

Ibu rama ngiring dunga
Asép ngagaduhan garwa
Istrina lamun satia
Hiji baé tong ngadua

Ngadua gaduh istrina
Moal bérés salamina
Pakucrut rumah tanggana
Mun teu cocog jeung agama

Éra atuh ku tatangga
Sapopoé ngan paséa
Ku istri dipikangéwa
Ku tatangga diléléwa

Lamun boga harta banda
Sing kuat nahan gogoda
Bisi kagoda ku randa
Pikir heula jero dada

Pikir asép sing waspada
Supaya teu ngarasula
Mun keukeuh pikir midua
Akibat jadi paséa

Paséa jeung pamajikan
Napsu sétan barangasan
Teu ngajadi kauntungan
Tetep dina karugian

Rugi lamun ngumbar napsu
Napsu pangajak nu palsu
Ngaranjing ngajadi asu
Nu tangtu badan kalangsu

Kalangsu bongan sorangan
Osok daék ririungan
Mimitina heuheureuyan
Dina tempat pamaénan

Maén dadu maén kartu
Éléh meunang tacan tangtu
Mun meunang udud surutu
Mun éléh ngobral sapatu

Ngobral barang kawalahan
Harta banda dijualan
Di imah awut-awutan
Lebur ancur bébéakan

Béak duit dipikiran
Éléh maén kawalahan
Tapi keukeuh panasaran
Napsu teu beunang ditahan

Ditahan henteu katahan
Dipikir terus-terusan
Datang napsu panasbaran
Sétan iblis ngadeukeutan

Sétan nu ngajak jarambah
Nu mawa kana sarakah
Dipaké kana awuntah
Disorang napsu nu runcah

Rucahna antep-antepan
Teu ngarérét réréncangan
Cicing dina palacuran
Teu inget ka pamajikan

Pamajikan teu dirérét
Duit metet dina dompét
Tapi méré kékéréhét
Ku tarik-tarikna pélét

Kapélét ku pamakéna
Pabeulit pikiranana
Teu karasa ku dirina
Diumbar waé napsuna

Napsuna mangprung ngaberung
Teu aya anu dirarung
Miboga rasa adigung
Tungtungna ripuh jeung bingung

Bingung bongan osok salah
Teu bisa nahan amarah
Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah

Papatah ti para sepuh
Ulah boga rasa angkuh
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh

Masing ampuh ti ayeuna
Sing bisa mawa hirupna
Jauhkeun napsu goréngna
Deukeutkeun napsu hadéna

Deudeuh teuing putra ibu
Omat tong ngalajur napsu
Ulah maén lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu

Nyaah deudeuh mikasono
Ciri pola kanggo conto
Mangka hadé ulah poho
Bojo téh bawa lalajo

Lalajo bari pelesir
Tingali sisi basisir
Sugan awas tina pasir
Alam dunya geura taksir

Geura taksir pangaturan
Dadamelanna Pangéran
Aya gedong matak héran
Luhur pageuh nanakéran

Teu ngaruag teu ngariek
Sakitu eusina uyek
Pirang-pirang nu ngaleyek
Tapi hanteu ngarempeyek

Ya Allah anu ngayuga
Ieu alam ngan nyalira
Bumi langit gé tohaga
Eusina mani pohara

Eusi dunya warna-warna
Cahaya panon poéna
Sato tatangkalanana
Cawisan keur manusana

Manusa maruji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Pangantén sing subur mamur
Kalayan hirupna jujur

Masing jujur sahaluan
Ayeuna asép duaan
Ulah aya pacéngkadan
Sing bisa silih bélaan

Béla pati jiwa raga
Dunya katut ahératna
Ku asép kudu dijaga
Sangkan eulis gumbirana

Gumbira nu panganténan
Papatah tamba lumayan
Ku eulis asép lenyepan
Nyawérna téréh wekasan

Nyawér téh turun tumurun
Tuturunan ti karuhun
Pamugi ulah dikantun
Sawér turun hatur nuhun

Sawér hartina panggeuing
Papatah geura nyararing
Dangding bari ngahariring
Pépéling masing aréling

Aréling urang sadaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
Ulah aya panca bahya
Sadaya mugi waluya

Waluya para wargina
Rawuh para panganténna
Gumuruh rasa batinna
Caang haté ka gustina

Gusti abdi muji nuhun
Ngumbara mangtaun-taun
Ku bumi alam dilahun
Nimat kateda kasuhun

Duh Gusti nu langkung héman
Mugi sadaya sing iman
Nya netepan kaislaman
Mugi maot mawa iman

Bapa nyawér téh parantos
Mung kantun badé wawartos
Ka ondangan nu ngarantos
Mugi sami pada ngartos

Pada ngartos sadayana
Nu dicarioskeunana
Lebetkeun kana manahna
Naropong jalan sampurna
:)
:(
=(
^_^
:D
=D
|o|
@@,
;)
:-bd
:-d
:p

Mangga usulan sareung komentarna..