Jumat

Ngawangun Desa Dadiharja

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na’udzu min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina acara dadiahrja sapoe di Taman Mini, dina raraga ngamumulé atanapi miémut “hari jadina” Desa daiharja. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun warga dadiharja jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis enggoning ngajantenkeun desa dadiharja janten Nagari anu Utami. Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi ogé missina desa dadiharja ku anjeun.


Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun neda nyuhun maklum nya paralun miréh sim kuring dina medar ieu carita kirang tata titi duduga peryoga, maklum keuna kana paribasa: “ciri sa nagri cara sa désa jawadah tutung biritna sa carana sa carana” bilih aya tingkah paripolah anu kabantun ti pakampungan anu kacandak di padésaan mantak ngajantenkeun reheut kana mamanahan para wargi sadaya, sakali deui sim kuring neda sih tawakuna, hapunten anu kasuhun.

Hadirin hormateun sim kuring!

Peryogi kauninga wiréh ngadegna desa dadiharja palias sanés ladang énténg, tinangtos tina hasil prosés anu rumpil tur panjang. Saha kinten anu katelah satria linuhung kajamparing angin-angin, kakoncara ka janapria téh? bilih kirang uninga dadiharja lahir di tahun 1923 kaping 9 maret, mugia sadyana uninga..


kawit dina ngawitan maksad dina pamaksadan ngayakeun riungan dimana-mana taya lain nu ngalintang taya basa nu kasaji hiji maksad warga masarakat nu kabantuk dina simapay warga dadiharja rek ngayakeun hiji acara wirahna ulang tahun dadiharja mung acarana lain di nagara asalna maksad jeung lumampah hayang nyieun hiji kaanehan jeung leuwih mihaeup ka sakabeh warga sadayana Dadiharja Sapoe di Taman Mini lain saukur hiji acara anu biasa, jeung loba arti makna caritana maksad tina acara taya lain maksad anu alus anu mihareup bisa ngumpulkeun warga desa dadiharja nu dimana bae ayana jakarta khususna, bandung, cianjur, garut, tasik, ciamis jeung dimana bae sakur-sakur nu namina warga dadiharja, dina acara jeung temana hiji istilah dadiharja sapoe di Taman Mini anu ngandung arti mindahkeun dadiharja ka taman mini, lain maksad mindahkeun nagara taya lain mindahkeun suasana ka akraban kasomeahan, kadaharan, kaulinan desa daiharja ins4jj bakal aya di taman mini..


amprok jonghok, rasa kakangen anu munggaran mugia tiasa ka tampi dina hate ku ayana acara, mung mihareup jeung pamenta mugia sadayana warga dadiharja tiasa ngariung sadayana, ngabantos kana sagala upaya jeung perhatian na, kana sagala kabutuhan ayana... mugia urang sadayana tiasa nyukseskeun acara na...


mangga mun lain urang, jang urang saha deui nu bisa ngawangun lebur... hayu urang sasareungan ningkatkeun kapedulian di lingkungan, urang ngadekeutkeun duduluran, ngajejerkeun babaturan, sugan jeung sugan urang bisa ngamajukeun jeung ngawangun desa anu sugih, taya tara jeung papadana dukungan ti sadayana..


warga dadiharja


:)
:(
=(
^_^
:D
=D
|o|
@@,
;)
:-bd
:-d
:p

Mangga usulan sareung komentarna..