Tampilkan postingan dengan label Tausyah Dadiharja. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Tausyah Dadiharja. Tampilkan semua postingan

Jumat

Panghulung Kalbu

anghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Ngawangun Desa Dadiharja

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na’udzu min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina acara dadiahrja sapoe di Taman Mini, dina raraga ngamumulé atanapi miémut “hari jadina” Desa daiharja. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun warga dadiharja jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis enggoning ngajantenkeun desa dadiharja janten Nagari anu Utami. Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi ogé missina desa dadiharja ku anjeun.