Makna tina bentuk jeung lambang :
1. Bentuk Buled Endog dina lambang Jawa Barat asalna tina bentuk perisai anu loba dipake ku para laskar kerajaan zaman baheula, makna perisai anu hartina pikeun penjagaan diri.
2. Kujang anu aya di tengah-tengah nyaeta sanjata pusaka anu sekeut serba guna kanggo masyarakat Sunda dijaman baheula. Lima liang dina kujang ngalambangkeun dasar nagara, Pancasila.
3. Satangkai pare anu aya di sisi sabelah kenca ngalambangkeun pahan kadaharan pokok masyarakat Jawa Barat sakaligus ngalambangkeun kasuburan pangan, jeung jumlah pare 17 ngagambarkeun tanggal Proklamasi Republik Indonesia.
4. Kapas anu aya di belah katuhu ngalambangkeun kasuburan sandang, jeung 8 kuntum kembang ngagambarkeun bulan proklamasi Republik Indonesia.
5. Gunung anu aya di handapeun pare jeung kapas ngalambangkeun yen daerah Jawa Barat kadudukanna aya dina lingkungan gunung-gunung.
6. Sunge jeung terusan anu aya di handapeun gunung sabeulah kenca ngalambangkeun di Jawa Barat loba ngalir sunge jeung saluran cai anu loba manfaatna pikeun patanian.
7. Petak-petak anu di handapeun gunung belah katuhu ngalambangkeun loba paesawahan jeung pakebonan. Masyarakat Jawa Barat umumna hirup ngandeulkeun kasuburan tanahna jeung diolah jadi lahan partanian.
8. Dam/bendungan anu aya di tengah-tengah paleubah handap antara gambar sunge jeung petak, ngalambangkeun kagiatan di widang irigasi anu mangrupakeun salah sahiji perhatian pokok ngingeutkeun Jawa Barat kaleubeut daerah agraris.