Angin Peuting di Jatinangor
5 Suara
Jam sabelas peuting ujug-ujug hayang ulin ka Jatinangor. Hese pisan megat mobil, puguhing geus peuting pisan. Jabaning tiris karasana, dunya keur usum angin. Tapi teu lila karasa haneut pareng nempo langit peuting, bulan buleud diriung bentang baranang. Loba nu geus robah di alam dunya, jalan, imah, tatangkalan, wangunan, tapi bulan jeung bentang mah ti baheula ge masih endah. Zaman geus gancang robah, tapi langit tetep anteng. Ti peuting mah, jalan tiiseun, dunya jempling…